Sunday, April 6, 2014

Lini



Lain kakara ayeuna lemah inggeung alatan lini the,mindeng tibaheula oge,atuh barudak geus teu aneh deui, “tadi nuju ngurek aya lini galengan meuni oyag” ceuk budak ka indungna , “untung ujang teu tigebrus ka sawah “walon indungna ,ari bieu isuk – isuk budak teh lapor deui “tadi wengi oge aya lini , mani reuwas mangkaning ujang bobo nyalira dina ranjang tingkat ka dua “ ceunah ,hariweusweus,ari pok teh indungna ngomong ,”ih sanes lini anu ngariyeg tadi wengi mah,bapa hideup nguliat”

No comments:

Post a Comment