Saturday, April 12, 2014

Mawa pestol



Geus paheut rek nganjang,sakalian neundeun omong ka ninina,miharep incuna kurutak dating,jajaka ngandang make calana merecet cutbray sila dina samak disanghareupan ku ninina,teu lila nyalukan incuna,”nyai kadieu,payunen ieu tamu nini deuk ka cai heula” pokna sanggeus ninina balik ti cai,si nyai ujug-ujug ngojengkang ninggalkeun tamu,hariweusweus ka ninina, ”sieun ah nini geuning nyandak pestol meuni cungakang” pokna si nini heran terus ka tepas mayunan ,panasaran ,ari si nyai anggur nyempod  dikamar bangun sieun.teu sawatra lila,ninina nyampeurkeun incuna bari ngaharewos “teu singna mawa pestol ah,geuning salila-lila dipayunan ukur katembong ngembang bawang!”

No comments:

Post a Comment