Saturday, April 12, 2014

Silih hampura



Ngadaweung di tepas ,aki jeung nini ikem bangun nu jarauh panineungan.si aki ujug-ujug nyegruk ceurik menta dihampura .”kami teh loba dosa ka nyaneh, nini,keur ngora mindeng ngalajur napsu.”pokna,koreleng nyokot keler,eusina muncang,diitung aya tujuh siki,”tah kami teh geus tujuh kali,katujuh awewe salila mihukum nini teh,unggal tas ngalakukeun nu teu uni sok ngasupkeun muncang kana keler”ceunah.”keun bae aki ,da eta mah keur ngora.dihampura pisan kami ge ngalaman boga lampah kitu,hampura deuih” tembalna nini ikeum nyokot ceupuk eusi siki sirsak.”sarua kami ge sok dicirian,ku siki sirsak”ceunah.ari diitung siki sirsak aya ratusna….

No comments:

Post a Comment