Sunday, April 6, 2014

Abot



Teu acan jeungkeup sasasih,pembantu tos palay mulih, padahal ceuk si ibu,tuang leueut ngajagrag,taya basa diwilah-wilah.kanteunan tanaga teu ieuh dipereksel,istuning dianggap kulawarga sorangan.Ongkoh rupana pantes tur berseka,henteu caludih moal ngerakeun mangsana susuguh katamu. “kasaean ibu karaos pisan nanging…” pokna luk tungkul.tambih hemeng bae,laju ditalek deui pangna merenyeng mulang.Antukna betus,ceunah “abot ,keudah ngawulaan bapa sapertos ibu….”

No comments:

Post a Comment