Sunday, April 6, 2014

Eureup-eureup



Jigana mah sadayana kantos kakeunaan eureup-eureup,sasat satengah ngimpi.muhun,ongkoh asa aya anu nindihan ,beurat tapi sora sejen atra kareungeu,usik hese,ngagorowok hese,tungtungna mihareup aya anu ngagingkeun.Nya kitu deui nu kaalaman ku nyi mimi ge,mindeng kakeunaan ku eureup-eureup.Hiji mangsa ,awakna beurat hese ugil,jaba asa aya anu mengkek teu bisa nyora,geus teg dina hatena keuna ku eureup-eureup.nyi mimi satekah polah kekejet,barang nyah beunta “aeh akang geuningan..”


No comments:

Post a Comment