Sunday, April 6, 2014

Jas hujan



“Ibu – ibu ,kieu carana masangna teh….ceuk patugas panyuluh KB.jas hujan dipasangkeun kana indung leungeun sapat tepi ka puhuna ,dipraktekeun dina kumpulan akseptor KB di bale desa.”ari anu masangna saha?” cek hiji awewe,nyeulengkeung.atuh ger seuleuserian.”saena mah ku ibu supados yakin pageuhna”,tembal patugas.ngan aneh ,malah ibur salelembur,majar KB gagal .Buktina ibu-ibu loba anu beureuyeung,padahal kacatet akseptor KB aktif.ana ditalungtik ,telat leupat harti,mangsana baranggawe,jas hujan enya-enya dipasang dina indung leungeun ,ari “etana”mah diantep.salasaurang aya nu nyelengkeung, “muhun da dicontoanana oge ge kitu..”

No comments:

Post a Comment