Wednesday, April 9, 2014

Jiga dukun



Murangkalih kembang buruan ,kalintang lucuna.bubuhan putra kenging hoyong,bur-ber lalandong kaditu-kadieu,kalebet kantos minang saraya ka dukun.meh-mehan pegat hareupan,lima taun rarabi kosong wae,pangpangna sieun gabug.tapi,mangsa neuteup raray murangkalih,ibu ramana sok gumtreng dina manah sewang-sewangan,nembe ayeuna pok balaka.”asa ngala ka akina,”ceuk carogena.isrina ngaenyakeun keureut raray budak jiga akina,tapi di lebet manah mah ngagerenyem,”alah ieung ,budak teh asa bleg bae….dukun!”

No comments:

Post a Comment