Tuesday, April 8, 2014

Moal kagok



Mung aya opat nomer nu di-save dina hapena:kabogohna dunungan awewe,kolotna ,jeung nomer babaturanana papada supir pribadi. Hiji mangsa ,duka kumaha sms ka kabogohna kalah kakirimkeun ka si tanteu dunungan ,makaning kacida romantisna. “hampura mun uing isuk dipecat “ceunah ,kakabaturana.”har naha? Boga dosa naon?” babaturana balik nanya .teu lila hapena disada deui,sidik kring sora tidununganana pisan nu keur aya diluar kota .ratug,reuwas,sieun leungit pagawean pagaliwota.hape dibuka ,ari breh tulisan,”tos kaerong tina kiceup jeung rengkakna,moal kagok mikanyaah,sing papada rikip wae…”

No comments:

Post a Comment