Wednesday, April 9, 2014

Rok mini



Kapungkur mah istri teh langki nganggo lancingan panjang,da sok digeunggeureuhkeun majar niru-niru lalaki.tapi anehna ari nganggo rok mini mah dianggap lumrah,malah kungsi jadi modeu.hiji mangsa aya istri nganggo rok mini tumpak beca,lebah pupudunan,tarik bet aya sora hatong…ngiiiiiiingngngn! Tukang beca tatanggahan da disangkana aya japati hiber,tapi teu tembong geleberna.antukna reg eureun bari alak-ilik kana becana.”aya naon mang?” cek penumpang.”ieu neng aya sora ngajelengingsapertos hatong alit,” pokna.si penumpang uman-imen,”oh tong tarik teuing we,ieu abdi hilap teu nganggo lancingan lebet….”

No comments:

Post a Comment