Sunday, April 6, 2014

Ronda



Nu ngaronda digelendeng ku punduh lantaran teu kareungeu giridigna,karuhan sora kohkol mah jempling pisan.ana disilidik,sihoreng ngagonyok di pipir imah nenggang nu anyar pangantenan.waktu kapanggih ku punduh nu ngaronda teh sing kelemes bari tuluy ngaleos ka gardu ronda.
          Wanci ngayuh ka janari,nu ngaronda baralik deui ka eta tempat,katohyan punduh keur aya didinya.”naha punduh?” ceuk salah saurang anu ngaronda semu heran.punduh ngajawab ku harewos,bari ngaleos,”ngintip ilaing bisi ngagonyok deui di dieu….”

No comments:

Post a Comment