Tuesday, April 8, 2014

Teu sieun



Nu bobogohan dialun-alun kacamatan,”calikna ngalih kahandapeun tangkal asem,yu supados teu kagiridig”omong lalakina ,setengah ngaharewos .”alim ah sieun ,paroek kitu iyyyy…” tembalna “teu kenging borongan da moal aya jurig” “harrr…da teu sieun ku jurig,sieun ku…” teu kebat.”ih meuni nganggap maung ka akang teh,”tembalna,tidituna mah surti kana eusi hate kabogohna .”da ku maung oge teu sieun…..” walona sari-sari imut.”maung mah paling ngagabrug….”rada ngarenghap”geuningan eta sieun? Ceuk lalakina,asa dijalanan “ih da teu sieun ku jurig ku maung teu sieun ku akang ge,tapi sieun ku abdi we…uhun ,sieun deudeuieun….”

No comments:

Post a Comment