Sunday, April 6, 2014

Agul



Bari ngadu kaleci baceo ngagulkeun indungna sewang-sewangan.”indung uing mah jagoan naek ,tadi geus ngomekeun kenteng bocor” ceuk ukra. “komo indung urang mah pinter mengbal,basa agustusan ngasupkeun dua gul” tempas oded .giliran omay bingung euweuh agulkeuneun,tapi ingeut basa kajadian lilir tadi peuting ,ari pokna the ,’Ema uing siah jagoan mah ,peuting gelut ,bapa uing eleh ngalempreh…”

No comments:

Post a Comment