Sunday, April 6, 2014

Mandi



“sujang…liwar-iwar teuing budak teh ,geura kapadasan,mandi ,batur mah geus tingalabring ka madrasah” indungna garawak-gerewek “tiris , ma hayang ku cihaneut,” walona “barabe kudu ngahurungkeun hawu , jaba suluhna pelepes teu kaur balas kabancuh.moal tiris geus brus mah ,geura” si ujang antukna daek mandi ,bari pok ngomong ka indungna ,”enya ketang.”ema ge jeung bapa sok marandi subuh teu kabarulusan …” ngareungeu kitu ,indungna mesem asa kasindiran.

No comments:

Post a Comment