Sataun
campleng di pnyabaan,ninggalkeun anak pamajikan.ari mulang kacida sonona,silih
gabrug meh teu mirosea budak.waktu ditinggalkeun budak teh umur lima taun,can pati teges kabapana.”ujang ieu bapa tuh
nyandak oleh-oleh seueur”ceunah bari ngagalantoran anakna.indung jeung anak bagilir
digalentoran bawaning ku sono.budak neuteup anteb,belenyeh seuri,saterusna
jigrah ngakutan oleh-oleh bawa bapana “asik,asik seueur oleh-oleh…asik,asik
bapa uing jadi dua….,pokna suka bungah ngareungeu kitu indung bapana silih
pelong…
No comments:
Post a Comment