Saturday, April 12, 2014

Kolecer



Kolam renang teh ka itung lega,ari anu ngarojayna pacampur awew-lalaki,bapa-bapa,ibu-ibu,kajaba barudak bubuhan jero.rupa-rupa pamolah nu ngarojay,teuteuleuman,silanglang,teu saeutik deuih na ukur kekecebreukanbari maruntang kana beusi sisieunana.tinu sakitu lobana ngarojay aya bapa-bapa anu ngojayna kawilang aneh,Sarawak-siriwik,nyuruwuk kawas parahu motor.kabeh ngarasa heran,malah aya ibu-ibu nu ngahaja teuleum salila-lila hayang apal kumaha carana ngojay kawas kitu.barang pucunghul si ibu hariweuweus ka baturna ,”paingan susuruwukan,atuda etana moncor dijieum kolecer…”

No comments:

Post a Comment