Embe badot
Uninga embe badot?kacida bauna ,nepika kungsi
disembarakeun,sing saha anu kuat cicing lima menit bareng dikandangna bakal
meunang hadiah.kabh patandang euweuh anu kuat,kakara sup geus
babalongkengan.aya saurang patandang,datang tijauhna.teuing langka mandi teuing
kumaha,kaangse awakna bau empal daging.sup kakandang,nu lalajo emprak sabab
bisa tahan leuwih ti lima menit,basa panitia mariksa ka jero kandang ,kacida
reuwasna sabab…embe badotna anu ngaborolo utah ,kokosodan!
No comments:
Post a Comment