Kacaturkeun
raja ngayakuen saembara,”sing saha anu bisa meuntasan walungan bari salamet
tina santokan buhaya,hadiahna tinggal milih:putri raja atawa harta” kitu
unina.lalaki lalanang jagat kaasup para pawing buhaya ngajengjreng sisi
walungan,kabita ku hadiah,tapi taya anu wani ancrub,kasima nenjo buhaya ranghap
tinggulipak.keur tingharuleng,ujug-ujug kecebur saurang,rob buhaya
ngagimbung,manehna satekah polah ngojay bari babalincetan tina sungut buhaya
tug nepi ka salamet bisa meuntas.barang hanjat ditaros ku raja,rek milih hadiah
naon?” bari haruhah-harehoh beungeut pias sepa,pok ngawalon,”ke..ke….tadi saha
nya aya anu nyunrungkeun uing?”
No comments:
Post a Comment