Sunday, April 6, 2014

Lain salaki



Pasea ti sore keneh,kapeutingnakeun beuki rongkah dibarung dor dar geulap ,pes pareum listrik . “pek ari ludeung mah sorangan “ceuk salakina bari gejlig indit.pasarandong jeung ronda ge teu di reret sieun ditanya rek kamana indit peuting – peuting. Teu lila juringkang aya anu dating ,reket muka panto,keteyep ka kamar.teu direret,da ceuk pikirna paling ge salaki balik deui.garayam …diantep…kod nangkod..diantep…barang keur tihothat,bray listrik caang.nyah beunta , gebeg,paingan asa beda ,geuningan …lain salaki!

No comments:

Post a Comment