Wednesday, April 9, 2014

Sidak



Jaman poe sabtu kantor buka ,enjing-enjing mah rempeg ngalantor ngan kabeurangnakeun jadi corencang.ari jarejem mah sapat dugika sonten,biasana karyawan nu ngagayuh ka pangsiun.”kasakit matuh poe saptu,paburisat teuing kamarana,tapi da baralik ka imahna mah sok anggeur burit eta the,”omong ibu-ibu guntreng jeung baturna.teu ku hanteu bet aya sidak,atuh karyawan nu aya jadi katempuhan,tapi teu bisa ngeceskeun kamarana anu sejen.kasorenakeun kurunyung saurang,datangna deui kakantor teh dumeh aya anu tinggaleun bae.basa dibejaan tadi aya sidak,ari pok teh ngawalon bari ngaleos,salah tuda sidak poe saptu kakantor mah,kuduna ka hotel….!?

No comments:

Post a Comment